Selasa, 23 Agustus 2011

Wilujeng boboran siam 1432


Assalaau’alaikum Wr. Wb.

Cunduk kana waktu, ninggang kana mangsa
Urang bakal papisah jeung bulan anu pinuh barokah
Pajauh jeung tamu agung nu langka tepung
Paanggang jeung mangsa anu pinuh ampunan
Ayeuna urang patepung jeung akhir syiam
Bulan syawal 1432 Hijriah
Mangrupakeun ciri pikeun kauunggulan jalma nu iman
Unggul dina merangan hawa nafsuna
Diwiwitan ku niat nu buleud
Seja ibadah kanu Maha Kawasa
Dipungkas ku zakat jeung sholat ‘Idul Fitri
Pikeun nyampurnakeun bersihna diri
Silih hampura geus jadi cirri
Silih do’akeun geus jadi adat
neda dihapunten samudaya kalepatan
“Taqobalallohu mina wa minkum syiamana wa syiamakum”

Wassalamu’alaikum Wr. Wb.
Sim Kuring sakulawarga

Tidak ada komentar:

Posting Komentar